kawih sunda

SEKAR MANIS
(pencipta: Ibu Saodah Harnadi Natakusumah)

Ku lucu malati
Nu aya di taman taman sari
Hiur seungit nu geulis
Nu geulis putri mantili

Ku hegar ermawar
Nu aya di taman sekar
Sedeng mangkak barekah
Aduh manis jeung dahlia

Ku lucu wong ayu
Nu geulis putri rengganis
Teuneung ludeng teu keueung
Nu geulis ti arga puri

PAHLAWAN TOHA
(pencipta: Sonjaya E., Anang Perman, Nano Suratno)

Getih suci nyiram bumi
tulang setra mulang lemah
babakti nyungkon pertiwi
cikal bugang putra bangsa.
Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
tugu diwangun ngajadi ciri
tarate nu mangkak ligar di empang
jadi bukti gugurna Pahlawan Toha.

GIRIMIS (KASORENAKEUN)
(pencipta: mang Koko Koswara)

girimis kasorenakeun
ngeunteungan sewu katineung
katumbiri layung langit
awor jeung cipanon ngembeng
awor jeung cipanon ngembeng
ngalangkang galeuh lamunan
ngaliwung kalbu nuliwung
naon deui nu rek didagoan…duuuuh
kabeh geus mungkas adegan
geus tamat lalakon, leungiteun udagan
mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja

BANDUNG
Bandung … Bandung …Bandung nelah “Kota Kembang”
Bandung … Bandung …Sasakala Sangkuriang
Di lingkung gunung, heurin ku tang-tung
Puseur kota nu mulya Parahiyangan
Bandung ..Bandung ..Pada muru di jarugjugan
Bandung.. Bandung .. Ting runggunuk nyanding gunung
Bandung .. Bandung .. Dipasieup Cikapundung
Di Bandung mungpung, jalma ti kampung
Ngadon reureuh di Kota nyinglar kabingung
Bandung .. Bandung .. Pang beberah nu nandang wuyung

SAPU NYERE PEGAT SIMPAI 
Ririungan urang karumpul
meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
bakal mopohokeun katineung urang
Sapu nyere pegat simpai bakal kasorang
takdir ti Gusti Hyang Widi pasti kalakon
Urang rek papisah urang rek pajauh
meungpeung deukeut hayu urang sosonoan

DEWI SARTIKA
Kantun jujuluk nu arum
Kari wawangi nu seungit
nyebar mencar sa Pasundan
nyambuang sa Nusantara
sari puspa wangi arum
seungit manis ngagalinding
sari sekar nyurup nitis
kana sukma istri Sunda

KUKUPU
Hiber deui kukupu hiber teunangan
aya beja harewos beja ti taman
beulah batu palias lain wiwitan
aya deui sembaheun ti pawenangan
lain eta kukupu ti kahiangan
boga rupa pujaeun ukur impian

Hiber deui kukupu hiber teunangan
aya beja nu sedih beja ti taman
memeh ligar malati awal panggihna
ti harita hiber kasongker ku rasa
mawa lacak carita beulah dadana

 

Diterbitkan oleh

19 tanggapan untuk “kawih sunda”

    1. bercerita tentang sosok dan perjuangan Rd. Dewi Sartika.
      Semangat beliau dalam mengajarkan ilmu, mendidik bahkan mendirikan
      sekolah untuk perempuan (Sakola Istri) pada masa itu patut kita hargai.

Tinggalkan komentar