Posted by: itatea on: Juni 22, 2011
ucing hideung dina tihang,
kumaha nurunkeunana?.
kuring nineung kanu miang,
kumaha nuturkeunana?.
hayang ulin k singaparna,
meulang mun taya baturna.
hayang nuturkeun manehna,
tp teu apal jalan na.
ka Bandung ka Soreang,
ka Lembang, Tangkuban Parahu,
duh biung samar kahayang,
ku ranginang jeung goreng tahu.
salak pondoh salak conggeang,
ti cimalaka ka pasar hariang,
matak sono matak kagembang,
ka Sumedang, ka lembur urang.
Ka kebon neangan kembang
Kalapa kupaur ninggang
Kapincut matak kagembang
Ku wanoja urang Sumedang
Neangan tutut di sawah
Si ujang hese dititah
Emut emut ieu jumaah
cing raresik cing barokah
lain koneng lain cikur
kutan laja tuh di dapur
hirup kudu silih akur
mepende baraya jeung dulur
komentar terakhir